Panumbu Catur Rennard Owen Tan, XI-IPA-1/28

Mind Map Panumbu Catur_Rennard Owen Tan_XI IPA 1_28

Get Started. It's Free
or sign up with your email address
Panumbu Catur Rennard Owen Tan, XI-IPA-1/28 by Mind Map: Panumbu Catur Rennard Owen Tan, XI-IPA-1/28

1. Perkara anu Dipilampah Moderator

1.1. 1. Datang leuwih heula ti batan pamilon

1.2. 2. Pariksa sound system, jeung kasiapan slide presentasi materi

1.3. 3. Ngawanohkeun diri ka para narasumber samemehna

1.4. 4. Nyiapkeun biodata atawa CV urang anu bakal dibacakeun ku panata acara samemeh urang prak ngamoderatoran

1.5. 5. Maca heula biodata unggal pangjejer sarta pastikeun urang bisa maca kalawan bener eusi biodata

2. Pancen Panumbu Catur

2.1. 1. Bubuka Tugas mimiti panumbu catur teh nyaeta muka lumangsungna presentasi, diskusi, debat, jsb. Eusina biasana ngucapkeun salam, ngedalkeun rasa sukur, jeung panuhun pikeun kasempatan jadi panumbu catur.

2.2. 2. Pangwilujeung ka Pamilon Pikeun nembongkeun rasa someah jeung pikaresepeun, hadena upama ngawilujeungkeun sumping ka para pamilon anu geus aya di rohangan

2.3. 3. Pedaran Singget Kasang Tukang jeung Tujuan Presentasi Usahakeun sangkan pamilon ngarasa katarik kana materi anu dipedar ku pangjejer

2.4. 4. Wanohkeun Pangjejer jeung Topik Presentasina Dina waktu ngawanohkeun pangjejer diusahakeun sangkan pamiarsa ngarasa yakin kana kualitas jeung kamampuh pangjejerna

2.5. 5. Nangtukeun Waktu jeung Aturan Diskusi Waktu anu diatur the ngawengku waktu pedaran jeung dina jirangan tanya-jawab

2.6. 6. Mere Waktu ka Pangjejer Pikeun Medar Materi Dina ieu bagian, pangjejer dibere lorongkrang waktu anu geus ditangtukeun samemehna

2.7. 7. Ngarangkum Eusi Pedaran Nuliskeun poko utawa atawa inti ti anu dipedar

2.8. 8. Ngahatur Pamilon Pikeun Nanya Biasana sesi diskusi dibagi jadi sababaraha jirangan unggal jirangan dibere kasempatan pikeun tilu urang pananya

2.9. 9. Panuhun ka Pangjejer jeung ka Pamiarsa Tepikeun kalawan iklas jeung someah, dibarengan ku imut jeung pasemon anu hegar

2.10. 10. Mungkas Acara Pungkas acara ku rasa sukur, ngagunakeun ungkara anu matak ngahudang sumanget

3. Deskripsi

3.1. 1) Panumbu catur atawa moderator teh beda jeung panata acara. Panumbu catur nyaeta anu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sesi) kagiatan. Ari panata acara mah nyepeng kadali sakabeh kagiatan

3.2. 2) Moderator the pancena jalma anu minangka panengah dina hiji kagiatan, boh sawala/rapat boh diskusi

3.3. 3) Sikep moderator the kudu netral, ojektif, atawa teu mihak kana salah sahiji pihak jeung bisa jadi panengah upama aya konflik di tengah-tengah lumangsungna acara

4. Lengkah-Lengkah Panumbu Catur

4.1. 1. Ngawasa pasualan anu luyu jeung teter/tema acara, tuluy nyusun kalimah panganteur samemeh mere kasempetan ka pangjejer

4.2. 2. Mikanyaho kaayaan jeung kasang tukang pamiarsa pikeun diksi atawa kekecapan anu merenah

4.3. 3. Mikanyaho kalungguhan pangjejer atawa narasumber

4.4. 4. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun naras umber, lilana waktu pikeun tanya jawab, jeung jumlah jirangan tanya-jawab

4.5. 5. Tataarkeun catetan singkeh pikeun nyaetan waktu nu disadiakeun ku narasumber

4.6. 6. Nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting nu ditepikeun ku narasumber

4.7. 7. Nyiapkeun raksukan atawa dangdanan anu merenah luyu jeung tema acara

4.8. 8. Nyiapkeun alat penuduh waktu